Selasa, 28 April 2009

Mega Bodas Tungtung Gunung

Sok waas mangsa jaman keur budak...
Basa remen nyawang ti kaangangan
Nyawang mega bodas
tingrunggunuk tungtung gunung
Bodas nyacas jiga kapas
Dina langit kulaas ngaharu-biru

Basa angin halodo ngahiliwir...
Nyambuangkeun bau taneuh garapan
Nu mawa ka tentrem hate
Disaeur ku nyambuangna seungit pare
Mangsa keur panen
Suka bungah...

Gogonjakan
Basa keur manteng langlayangan di tengah sawah
Ber...hiber jauh ka jomantara...
Ber hiber...ngapak mega ngawang-ngawang
Jeung angin halodo anu mimiti mesat jiga panah
Bawa ieu hate kuring dina raga anjeun..
Panteng...manteng langlayangan...
Jung sing..jadi jawara..
Hontal mega bodas kayungyung di tungtung gunung
Ngahontal sagala harepan...
Bejakeun anjeun mawa bodas hate kuring
Ngahirupkeun harepan anu geus lawas
Mawa warna hirup kumbuhna manusa
Mawa endah dina alam

Basa harepan mupuhna pinuh na hate,
Budal dina sarewu kaendahan..
Kanggo harepan anu masih ngancik

Mangsa ayeuna, waktos abdi nolih deui mega bodas ngalanglangan
Geuning teu endah jiga syak wasangka
Hideung kahirupan geus maseuhan
Eleh kahirupan geus teu nampeuhan
Najan anjeun mega bodas, masih keneh nyacas jiga kapas
Keun, da na hate kuring masih ngancik panutan
Jeung...
Ka Gusti Nu Maha Suci

||Jalak Harupat
||Sumedang Tandang Nyandang Kahayang

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Nyawa Peuting

Sepi....
jempling....
simpe....
ngan ukur dibaturan ku angin peuting

Cicing...
ngahuleng....
pikiran ngalayang ka mangsa katukang
geus loba teuing waktu anu kapiceun

teu karasa ......
geuningan waktu teh geus wanci subuh
genep jam nyawang lamunan
kajayaan mangsa katukang

ngajerit.....
peurih.....
hate asa digeurihan ku hinis
lamun seug bisa balik ka waktu katukang

emmmmhh,..ayeuna sagalana geus robah
ayeuna geus lian
babaturan oge geus kamarana...
anjeun oge geus kumaha.....

rumasa.....
kuring loba kasalahan
waktu harita...
loba waktu anu geus disia-siakeun

malah sakapeung sok putus asa
putus pangharepan
kamana urang kudu ngalengkah
kudu kasaha jeung kudu kumaha

baheula......
rumasa.......
tuggul di larung catang dirumpak
hirup teh lamokot ku dosa

ayeuna tinggal bisa ngalamun
ayeuna tinggal bisa nyawang
ayeuna tinggal bisa hanjakal
ayeuna tinggal bisa ngaharep

ngaharep.....
ngaharep.....jeung ngaharep
sugan bisa ngarobah kalakuan
sugan aya keneh nu rido daek maturan.

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Carita Urang

asa kamari urang masih babarengan disisi ieu talaga
waas nyaksikeun ngeplakna cai patenggang anu herang
ngarasakeun tiis jeung bersihna hawa pagunungan
karasa pisan kaagungan Gusti nu Maha Kawasa

waktu anjeun nyampaikeun mastaka dina dada kuring
katinggali keneh imut anjeun anu marahmay
kabayang keneh teuteup anjeun anu anteb
karasa keneh haneutna hawa tina lambey anjeun
sakapeung mah nyiwitan kana biwir kuring
endah pisan geuningan leuwih endah ti situ patenggang

waktu anjeun ngucap jangji pasini
nyepeng pageuh geugeut kana panangan
yen moal aya lalaki lain anu dipikacinta salian ti kuring
harita bumi-langit bener-bener asa nu duaan
sagala omongan anjeun matak ngageterkeun hate
tapi eta teh gening tinggal katineung

can sataun lilana anjeun geus sulaya kana jangji sorangan
jangji nya tinggal jangji
pasini teu jadi bukti
kiwari anjeun geus ngajadi jeung nu lian

emh,..kieu geuning rasana hirup tunggara
sakapeung masih ngaharep sakapeung sok putus asa
lamun nyaho bakal kieu jadina
naha urang bet patepung
malah nepi ka silih asih pikanyaah
nu akhirna jadi raheut nu teu bisa kaubaran

tapi geus di gariskeun ti dituna,
didieu urang kudu boga carita heula
sanajan peurih tapi teu bisa dipungkir
sanajan nyeri tapi eta geus takdir

Kuring sadar, jodo mah kagungan gusti
jauh teu kudu dibeberik
malah deukeut oge teu kareret
mun geus ninggang mangsa na mah bakal datang sorangan
nu penting urang kudu bisa narima kanyataan
kana takdir anu geus ditangtukeun
urang hirup di dunya aya nu ngatur

Pileuleuyan geulis,....pileuleuyan!!
ayeuna kuring rek lumampah jauh ti lembur
sugan bisa pinanggih jeung kabagjaan
ngahontal cita-cita nu tacan laksana.

Toni Sofian
[Cibitung, April 12, 2004]

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Anjeun

anjeun.....
anjeun bati ningali
anjeun bati imut
anjeun bati gumujeng
anjeun teh gandang
anjeun teh bageur
anjeun teh ...

clak, cipanon murag kana lahunan
clak, cipanon ngeclak deui

kuring sono ka anjeun
kuring hayang tepung jeung anjeun
kuring ...
ngan bisa nungguan,
teuing iraha deui tepung jeung anjeun

clak ....
cipanon tuluy murubut...
maseuhan nu jadi pipi
tuluy nyurulung nepi kana gado
ngeclak kana lahunan

nepi ka iraha beakna cipanon?
tibaheula kuring ceurik,
tibaheula kuring ngaluarkeun cipanon
naha geuning teu saat-saat
kalah beuki pinuh,
kalah beuki hayang budal

na iraha aya nu daek maseuhan hate?
...............

keula, ari kuring kunaon?????
kuring ge teu nyaho!!

(~pupi~manglayang, 7 nov 2003.. 15.44)

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Boa-boa

Ditulis ku Ganjar Kurnia

Kuhoyong sajadah
janten "alketip ngapung"
jajap waruga
deuheus Salira
ka Sidratul Muntaha

Raga madep Baetullah
Kalimah takbir di ucap
babacaan ngagerendeng
maca ayat ditarikkeun
ditutup ku aweuh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana

Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to`at dawuh Isro Miraj
boa - boa
ngan saukur dianggap:
olah raga
ku Salira

boa-boa
boa-boa

Paris 19 September 2006

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Datang Deui

ngan ukur sababaraha kali tepung jeung manehna
tapi ieu rasa terus nyantel dina ati
nyulusup kana sanubari, nambru dina qalbu
imut anjeun, someahna anjeun, sorot soca anjeun,
malah kiceup anjeun oge masih kaitung,
ngalangkang dina cengcelang mata
tiap usik, tiap malik, tiap kiceup, tiap renghapan

baheula kungsi boga rasa nu teu jauh beda
anjeun ngingetkeun ka cinta nu munggaran
nu geus lila jadi taneuh jadi lebu
nu geus lila dikubur di pajaratan katineung urang duaan handapeun
tangkal saliara

ayeuna rasa ieu rek datang deui
ngaririwaan tiap detik, tiap menit
tapi kuring tetep jadi tutunggul,
tetep jadi batu teu wani ingkah ti tempatna
rumasa ieu raga geus dibikeun kanu lian

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Sanajan Bulan Nguliwed

Ditulis ku Ganjar Kurnia


I.

sabada

sekon demi sekon anu jadi kanteh menit

ditinun jadi jam;

jam ngajadi poe

poe jadi bulan

bulan ngabaju taun

awak nyangsaya (deui):

dina lalakon sorangan

II.

roh nu ditiupkeun

kana raga nu pinasti mapagkeun pati

ukur

kalangkang wayang kulit

dina layar belewuk :

kacaangan

lampu balincong kurang minyak -

katebak angin

III.

bumi muter -- jagat eundeur

kembang nu seungit kahibaran usum semi:

garing

kabeuleum heab panon poe usum panas

terus – murudul

geunteul

ngahodhod

katirisan

IV.

Poe terus ngagilinding

nyipuh buuk pulas kulawu

meotan kulit

maragas tulang

V.

Lalakon hirup

beku dina gelas waktu,

jadi layar

tempat lalajo mangyuta kalakuan

(anu ngerakeun!!!!)

VI.

Baranang paris

maragatkeun kasadaran:

poe teh,

laut tanpa tungtung

tempat pamayang balayar tanpa tujuan

poho ka pangbalikan

V.

Gusti,

Dina undakan waktu mapag ganti taun

Najan bulan nguliwed ngalelewe, kana

keclak cimata

jeung jangji anu remen dikedalkeun:

Kuring

ngitung mundur

mapag cahaya harepan :

sugan

enjing mah langkung bener

ti kamari

Pasihan kakiatan

Adzan Maghrib 31 Desember 2006

Di La Fontaine, 57 Paris


http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net


Kanyaah Indung - Bapa

Gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna jéntré meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyéhna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Réngkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
Bapa kuring anu ngabébérés masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gedé
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot

Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh... Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Sataun Jeprut

Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantung
muncratkeun daki-daki kalaipan
ngabudahkeun cimata mendet ngabanjiran diri
tilelep -- laput
ka tungtung buuk

aleu-aleu sora walilat
kawas ngaléléwé:

unggal lebaran
cimata deui
cimata deui

ti lebaran ka lebaran
nyolédat deui
nyolédat deui

kertas kapitrahan
nu diilo dibulak-balik salila ied
belewuk pinuh kokotor

lapar puasa
ditambah ibadah (nu belang betong)
teu ngabual
hutang dosa sataun jeput

sataun deui
jeprut!

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Walungan Haté

dimana katumbiri teh nyai?
nu aya ngan caah bandang
langit heurin ku pepedut
naha srangenge teu bisa ngabagikeun suriang

mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup, mamang
eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan
eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan, mamang
ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea
kamana ari walungan tempat muru meakkeun hanaang
kamana, mamang?

nyai, walungan mah ngan aya di hate urang
nu hanaang kutiisna cai
sesa ibun subuh tadi
nyai,
ibun mah ukur nu urang
nu unggal poe ngorondang
neangan bahan paranti dahar
villa, nyai
beu asa jadi katumbiri
nu suda
ka kabiri ku seahna caah kabutuh
beu nyai, na kamana kudu ngiuhan


meureun bener ceuk nu jadi indung, mamang
geura pelak tatangkalan na leuweung jero dada
tancebkeun sing pageuh ka museur hate
hiji waktu, anjeun bakal beakeun tangkal saukur keur ngiuhan
mangsa eta, tangkal na dada anjeun bakal mere hiliwir angin nu geus mangpirang2 jaman leungit diteureuy waktu

hayu atuh, nyai
sing caringcing mageuh kancing
saringset mageuh iket
urang pelak mang rewu-rewu tutuwuhan
di hate urang
keur barudak nu bakal hanaang di mangsa datang
hayu nyai,
melak rasa
ku asih
jeung nyaah
keur panyebor tutuwuhan rasa
jang mangsa nu bakal karasa
ku barudak, jaga


hayu, mamang
urang singkil
nyingkahkeun hama ceuceub jeung ngewa
ngabasmi wereng korup
jeung sarakah
hayu, mamang!


http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Urang téh Nuju Ngantosan

Urang téh nuju ngantosan
Réngséna sandiwara
Anu lalakonna diserat
Di loh mahfud
Mangsa sakeclak getih ngajanten daging:
Ditiup roh hirup - kahirupan

Ulang taun:
babak-babak liliwatan
saméméh bugang
dijajap kana liang panganjrekan anyar:
pajaratan

Sanajan
Hiliwir rampé jeung samboja
beuki atra
tanda lalakon téréh anjog kana
tutup lawang sigotaka
para pamaén anteng
kawas teu engeuh
yén
sandiwara téréh lekasan

Mangsa layar panggung
ditutup lalaunan
Kecap tahlil
Mirig cekleuk panungtungan, jeung
gaur ceurik pipisahan

Kasalahan-kasalahan ngalalakon
Salila sandiwara dunya lumangsung
Mo bisa dibalikan
(Tos aya sérén sumérén padamelan
Ti Rokib – Atid ka Munkar – Nakir)

Urang téh nuju ngantosan!


http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Bulan Alaeun

anaking
usum tiris ngaheurap awak
abah siduru na rahuh ambu
ngotretkeun mangsi kana papasti
ku kalam nasib nu nyamuni

tuluy ambu
teu eureun ninun kulambu
dina sajak nu tingkelemeng
sawah baseuh jadi hiji-hijina sawarga
keur nandurkeun binih cinta

karasa lewang
kasengker gurilap pakarang
mangsi nu ngeclak jeroeun sajak
ngaguratkeun jirim jimat
lebah lolongkrang sedong karamat

tapi ambu
ngabebenah padalisan
saban surup ringkang bulan
beuki nyeumat kalangkang nyawa
na rohang-rohang ungkara

nyata anjeun anaking
cikahiyangan nu dipelak
na wirahma saban sajak
ngageclangkeun asih nu gumati
lebah gumeterna sirung diri

kiwari ambu
ngitung mangsa anjeun datang
saban abah nganyam siloka
rek ngajaul ka pakalangan
muru sajak nu can kajudulan

tapi anaking
isuk parahu kudu balayar
ka saban pulo nu ngajajar
nu murwakanti jeung dunga
nu sawarna jeung karumasa


http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Si Cépot jeung Tukang Goong

"Pot kadieu euy dewek nek curhat!"

"Lah paling silaing mah sirik lantaran dunungan kawin deui nya!"

"Lain euy Pot, kieu yeuh....dipikir ku dewek, geus mang taun taun dewek jadi tukang goong, tapi hirup teh kieu jeung kieu we teu menyat menyat!"

"Jadi hayang naek gajih kitu?, bebeja atuh langsung ka dunungan!"

"Ah kuriak dibaeudan sauumur mun dewek wakca hayang naek gajih, padahal gawe teh kaasup beurat euy, najan ukur nakolan nu ngajendol, tapi kudu konsentrasi pinuh, malaweung saeutik, sora goong teu ninggang kana wirahmana,balukarna dunungan, enya kidalang tea, molotot, nu lalajo hahauk, kitu deui maneh Pot pipilueun protes da heueuh karasa ku dewek mun keur ngigel sora goong teu nenggel kana blaktukna,cawerang deuleu...!"

"Heu heu....tobaaaattttttt.....mangkana mun keur manggung tong nundutan wae atuh!"

"Teu nundutan kumaha atuh Pot, manggung noron tilu poe tilu peuting, teu karasa ngalenyap nepikeun ka ngimpi sagala!"

"Beu etah keur nabeuh goong nepika bisa ngimpi sagala, ngimpi naon kitu?"

"Ngimpi narokan suluh!"

"Heu...heu...paingan sora goong jadi nyerecrek ka mana mendi, da meureun rarasaan keur narokan suluh nya!"

"Mun saimbang jeung gajihna moal nepika nundutan kitu meureun Pot!"

"Memangna gajihna UMR kitu?"

"Lain UMR tapi UMN, Upah Minimum Nayaga!"

"Setatusna kumaha?"

"Tah eta dadalan aya sistim outsourching tea, ti baheula ngan kontrak jeung kontrak we gawe teh!"

"Heu..heu...tobaattttt....uing mah tibalik euy, ku dalang geus diangkat karyawan tetap tapi teu digajih gajih malahan tas manggung,sok langsung dibebeskeun kana kotak!"

"Teu nanaon teu meunang gajih ge Pot, pan silaing mah teu beuki kejo, sedengkeun dewek teu manggih kejo sapoe, ngiceup ge susah deuleu!"

"Heueuh ari kitu tea mah, ke.... ke.... kunaon bet tungang tengeng kana sarung uing, neangan naon?"

"Puguh dewek teh keur manggih kareuwas euy, panakol goong leungit, mun nyaoheun leungit mana teuing dunungan hohoak bari molotot!"

"Leungit dimana?"

"Pan biasana mun tas manggung panakol goong sok dibawa ka imah!"

"Keur nanahaon dibawa kaimah?"

"Keur ngabebenjokeun budak, mun budak gegerelengan ceurik lantaran hayang jajan es krim,tinggal ngasongkeun panakol goong meunang ngagulaan!"

"Heu...heu..tobaaatt..ammmpyunnn...nepika kituna,tapi naha bet jor jor sungkub singkab kana sarung dewek da dewek mah teu rumasa nyumputkeun!"

"Ah pasti disumputkeun siah, buktina dijero sarung maneh aya nu ulang ulangan!"

"Heu..heu..tobaaaaattt...ieu mah lain panakol goong tapi panakol bedug da rada panjang!"


http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

CALEG (Calon Dilegleg)

Teu kasawang tianggalna bakal jadi tukang goong, da baheula mah cita-cita teh mokaha, mun teu jadi dokter nya jadi persiden. Heueuh lain nek ngarasula, ngan sok ngananaha kanasib sorangan,asa bet kieu kieu teuing. Pek we bayangkeun, kaayaan jaman kiwari,nu boga gajih matuh ge sok kadenge ngangluh, komo deui kuring, tukang goong, kadang sabulan campleng bolostrong teu manggung manggung, atuh nyamos! Balukarna dapur caneom, sungut pamajikan unggal poe nyuredak kawas keong racun.

"Enjum sing nalipak maneh siah! Piraku maneh nek nyaleg?" Mitoha pepedengkreng nyampeurkeun. Kuring ngabetem, geus kapikir samemehna,ancrub ka dunya pulitik mah lir ancrub ka kawah candradimuka,silih gitik silih segag loba saingan. Teu jauh jauh, contona mitoha, pan sakuduna mah nu jadi mitoha teh ngadukung kana karir kuring dina widang perpulitikan, ieu mah sabalikna, mun panggih kawas musuh gerot wae. Kituna mah pantes sasatna mitoha jeung kuring teh pan beda pamadegan, beda partey, kuring aktifis partey 'rudet hate' sedengkeun mitoha kokojo partey 'nalangsa'.

"Yeuh geus boga modal sabaraha bet hayang nyaleg, nek nyaingan dewek?" Kadenge sungut mitoha ngorompyang deui. Kuring tetep ngabetem, percumah uab ge, kuriak ngajak debat kusir, ngabanding bandingkeun visi jeung misi partey manehna,ceuk pangrasana asa pangalusna, asa pangheueuhna. Rumasa kuring mah ngilu nyaleg teh ngan ukur modal panakol goong diembohan ku niat nu hade,lain pedah kabrongbroy ku beja pajarkeun lamun geus sukses dunya pulitik teh lir ibarat di sawarga sokawana, diugung ugung lir pangagung, dihormat hormat lir kamenak, sur sor marere upeti, cenah aya uang gravitasi,aya uang kunjungan,aya uang jabatan, uang reses, ah meureun mun diwadahan terus dihijikeun jeung gajih sabulan meureun aya sapipitieun mah. Enyaan daek burut salelembur,lain eta motipasi kuring hayang nyaleg teh, estu murni hayang ngabelaan wong cuelik. "Teu percaya? Belah sajah Dadahku!"

Ngadenge janji janji manis kuring, Ibro si tukang rebab batur sapanayagaan,teu sirikna croh nyiduh, saeutik ge manehna teu percaya kana omongan kuring tadi. Kituna mah pantes sasatna manehna kungsi dikuciwakeun ku kuring,balukarna nepika kaayeuna sok neuteuli wae, masalahna mah teu pira pedah bedo dipangneangankeun jodo. Heueuh da si eta mah sok tara kira kira, boga rupa lir kembaran sicepot, mun direndengkeun jeung si cepot sok keder, mana si cepot mana manehna. Hiji mangsa manehna meredih ka kuring nitah pangneangkeun bikang, keun wae cenah kawas Dian Sastro ge. Geus kaditu kadieu weleh teu manggih, antukna ditawaran Nyi Icih, sikasebelan teh mumul, pajarkeun era ngiringkeunana. Abong lalaki sok hayang nu leuwih,jeung sok pinter kodek, tapi salutlah ka sieta teh salut ku pedena, ari pokna teh ulah jadi lalaki ari teu pede mah.

Dipikir-pikir pan kuring ge nyaleg teh modal pede tea, gelar teu boga, modal teu boga,propesi ge ngan ukur jadi tukang goong, teu cara mitoha gelar ngaderet tukang hareup, potona oge reuteum dimana mana, ditihang listrik aya, dina dahan aya, dialun alun ngajeblag, saprak nyaleg paromana ngadadak marahmay,unggal nu panggih diajak seuri. malah sakeudeung deui cenah nek masang iklan ditipi,kabeh disebutan, dijadikeun baladna, patani baladna, padagang baladna,nalayan oge baladna, nu teu kasebut teh ngan hiji, tukang goong.

Najan poto kuring teu reuteum, najan teu nyieun baliho, komo masang iklan mah da eungap, tapi sakali wae kuring nihtirkeun goong wanci tengah peuting, pasti saeusi lembur harudang, pasti saeusi lembur bakal arapal, yen si enjum sikumis jekrem calon kuat partey rudet hate. Tah eta karek nihtirkeun goong dilembur, kumaha mun nihtirkeun goong diluheureun monas, pasti ibur salelembur ear sajajagat, unggal stasiun tipi ngaliput,unggal koran jadi headline, jadi iklan haratis. Enjum tea, moal sapati pati wani ancrub ka pulitik mun teu boga taktak, taktik jeung licik. Hidup Enjum! Hidup tukang goong! Hidup partey 'rudet hate'!

http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Sabtu, 25 April 2009

PENGERTIAN ISTILAH2 DALAM NETWORKING

------------------------------------------------------------------------------------------------------------
1. 1G = (First Generation) Generasi selular pertama yang berteknologi analog, contohnya adalah AMPS, TACS dan NMT.

2. 2G = (Second Generation) Generasi selular kedua yang mempebaharui generasi pertama dalam bidang teknologinya yaitu digital, yang pada teori dasarnya merupakan pembaharukan dalam bidang transfer data, contohnya adalah GSM (menggunakan protokol CSD, HSCSD, GPRS dan EDGE) dan cdmaOne.

3. 2.5G = Generasi selular kedua yang diperbaharui sebelum menuju 3G, contohnya adalah penggunaan GPRS pada GSM.

4. 3G = (Third Generation) Generasi selular ketiga, dibuat dan digunakannya spesifikasi ini pada dasarnya hanya mempercepat transfer data pada teknologi selular digital, contohnya adalah EDGE pada GSM, UMTS dan CDMA2000 1x.

5. Ad-Hoc = Suatu tipe komunikasi yang diterapkan dalam WiFi, Ad-Hoc berarti jaringan komunikasi WiFi tersebut tidak menggunakan server (pusat pengatur sistim komunikasi), contohnya adalah beberapa PDA yang berhubungan menggunakan WiFi.

6. AMPS = (Advanced Mobile Phone System) Suatu sistem komunikasi wireless analog.

7. Bluetooth = Protokol atau spesifikasi berkomunikasi jarak pendek yang berdaya rendah (hemat energi), Bluetooth menggunakan frekuensi 2.4Ghz, contohnya antara headset dan sellular (https://www.bluetooth.org).

8. Brew = Suatu platform untuk menjalankan aplikasi/game yang dibuat oleh bahasa programming C/C++, platform ini digunakan/ditargetkan untuk selular, Brew dimiliki oleh Qualcomm.

9. BTS = (Base Transceiver Station) Station mobile operator yang menghubungkan jaringan operator dan selular para pengguna.

10. CDMA = (Code Division Multiple Access ) Suatu sistim komunikasi wireless yang dipakai oleh para mobile operator, sistim ini menggunakan teknologi “spread spectrum” yang memberikan access pemakaian pada banyak pengguna pada frekuensi dan waktu yang sama, hal ini dapat dilakukan dengan pemberian kode unik untuk setiap komunikasi, CDMA dikatakan dapat menyediakan/memperbolehkan lebih banyak pengguna daripada sistim teknologi lainnya.

11. CDMAOne = Suatu sistim komunikasi wireless 2G dengan spesifikasi IS-95 (http://www.cdg.org/technology/2g.asp)

12. CDMA 2000 1x = Suatu sistim komunikasi wireless 3G dengan spesifikasi IMT-2000 (International Telecommunication Union-2000). Dalam spesifikasi ini kecepatan transfer data minimum yang diharuskan adalah 144Kbps (http://www.cdg.org/technology/3g.asp).

13. CDMA 2000 1x EV-DV = (Evolution Data and Voice) Suatu protokol yang memungkinkan kecepatan transfer data hingga 3.09 Mbps.

14. CDMA 2000 1x EV-DO = (Evolution Data Only) Suatu protokol yang memungkinkan kecepatan transfer data hingga 2.4Mbps.

15. CLDC = (Connected Limited Device Configuration) Merupakan suatu spesifikasi dasar yang berupa library dan API untuk diimplementasikan dalam J2ME.

16. CIF = (Common Intermediate Format) Ukuran gambar atau video yang berukuran 352 x 288 pixel.

17. CSD = (Circuit Switched Data) Suatu protokol transfer data yang memiliki kecepatan 8 Kbps.

18. CSTN = (Color Super Twist Nematic) Suatu tipe layar yang banyak digunakan pada selular, biasanya CSTN tidak memiliki warna atau berwarna sedikit. CSTN memiliki kualitas yang lebih rendah dan lebih murah dari TFT.

19. Cellular = Bahasa Inggris untuk selular. Selular artinya adalah sistim komunikasi jarak jauh tanpa kabel, selular adalah bentuk komunikasi modern yang ditujukan untuk menggantikan telepon rumah yang masih menggunakan kabel.

20. DVB-H = (Digital Video Broadcast for Handheld) Suatu fungsi video streaming yang dikhususkan untuk perangkat elektronik kecil yang mudah dibawa bawa.

21. Domain = Suatu nama alamat yang menjelaskan identitas situs (website) tersebut, lain dengan IP address yang hanya menggunakan angka-angka tanpa huruf, nama Domain boleh menggunakan kata-kata, contoh: “www.cellulardiary.com”.

22. EDGE = (Enhanced Data rates for GSM Evolution) Suatu protokol yang mengatur cara kerja transfer data pada sistim wireless GSM. Dalam teorinya kecepatan transfer data EDGE dapat mencapai 384 Kbps.

23. EMS = (Enhanced Message Service) Suatu format data yang digunakan dalam GSM, EMS adalah penyempurnaan dari SMS, data EMS dapat berupa gambar, animasi, suara dan text.

24. Gateway = Suatu “pintu gerbang” yang ditentukan sebagai tempat keluar-masuk untuk bertukaran data. Gateway biasanya juga digunakan untuk mem-filter (menentukan) data dan siapa saja yang boleh bertukaran data melalui pintu gerbang tersebut.

25. GSM = (Global System for Mobile communications) Suatu sistim komunikasi wireless 2G. Frekuensi yang dapat digunakan dalam GSM adalah 850Mhz, 900Mhz, 1800Mhz dan 1900Mhz.

26. GPRS = (General Packet Radio Service) Suatu protokol untuk transfer data dalam GSM, kecepatan transfer data dalam GPRS dapat mencapai 115 Kbps.

27. GPS = (Global Positioning System) Suatu sistim pendeteksi/pencarian suatu lokasi yang akurat, sistim ini menggunakan satelit.

28. HSCSD = (High Speed Circuit Switched Data) Penyempurnaan dan penambahan kecepatan dari protokol CSD. HSCSD dapat mencapai kecepatan transfer data hingga 14.4 Kbps.

29. HSPSD = (High Speed Packet Switched Data) Suatu protokol transfer data yang digunakan pada sistim komunikasi wireless UMTS. HSPSD lebih cepat dibandingkan WCDMA.

30. HTML = (Hyper Text Markup Language) Suatu format data yang digunakan untuk membuat website dalam Internet. Sekarang selular dapat surfing Internet dengan menggunakan aplikasi yang kompatible dengan HTML.

31. IP Address = (Internet Protocol Address) Sebuah alamat (nomor) yang menjelaskan identitas situs (website) tersebut, IP tidak menggunakan huruf atau kata-kata melainkan hanya sebuah urutan nomor, contohnya adalah “69.93.158.58″.

32. IR = (InfraRed) Suatu sistim komunikasi wireless jarak pendek yang hemat energi. Untuk berkomunikasi menggunakan IR, setiap sensor hardware harus saling berhadap-hadapan, jarak nya hanya bisa mencapai satu meter.

33. J2ME = (Java 2 Platform, Micro Edition) Suatu platform untuk menjalankan aplikasi/game Java, platform ini digunakan/ditargetkan untuk elektronik kecil seperti selular dan PDA.

34. Java = Suatu programming language yang digunakan pada teknologi selular (juga pada komputer PC), aplikasi/game yang dibuat dengan Java untuk selular disebut dengan MIDP.

35. LAN = (Local Area Network) Suatu jaringan network lokal yang terisolasi digunakan untuk keperluan pribadi, contohnya adalah komputer komputer dalam satu kantor yang saling berhubungan dan bisa untuk bertukar informasi/data.

36. LCD = (Liquid Crystal Display) Suatu jenis layar yang menggunakan tenaga yang sedikit (hemat energi).

37. MIDP = (Mobile Information Device Profile) Java runtime yang digunakan dalam J2ME, suatu spesifikasi untuk pembuatan aplikasi/game selular yang menggunakan bahasa pemrograman Java.

38. MMS = (Multimedia Messaging System) Suatu bentuk format data yang biasa digunakan dalam selular, data MMS bisa berbentuk gambar, suara, video dan text yang lebih panjang dari SMS dan EMS.

39. Network = Bahasa Inggris untuk jaringan. Suatu jaringan berarti adanya lebih dari satu titik/tempat yang berhubungan (bisa menggunakan kabel atau tidak) untuk bisa saling bertukaran data/informasi.

40. OS = (Operating System) OS adalah suatu platform yang digunakan pada selular yang berkelas smartphone, contohnya adalah Symbian (www.symbian.com), Palm (www.palmone.com), Pocket PC (www.microsoft.com), Linux (www.linuxdevices.com) dan Java (www.veloxsoft.com).

41. PCS = (Personal Communications Systems) Suatu sistim komunikasi wireless mirip seperti GSM. PCS hanya berjalan pada frekuensi 1900Mhz.

42. PDA = (Personal Digital Assistant) Suatu perangkat keras yang berkerja mirip seperti komputer/notebook kecil yang hemat energi. Fungsi pada PDA sangat terbatas tidak seperti komputer/notebook.

43. PIN = (Personal Identifier Number) Suatu nomor rahasia yang digunakan sebagai password pada SIM card selular.

44. PSTN = (Public Switched Telephone Network) Suatu sistim komunikasi berkabel, contohnya adalah telpon rumah.

45. PTT = (Push To Talk) Suatu fungsi komunikasi suara dengan menggunakan data yang bisa dilakukan pada jaringan selular. PTT adalah half-duplex yang berarti kita tidak bisa mendengar dan berbicara pada waktu yang bersamaan, hal ini mirip dengan walkie-talkie. PTT digunakan untuk menekan biaya komunikasi karena penggunaan jalur data lebih murah dibanding jalur suara.

46. Roaming = Suatu fungsi untuk berkomunikasi dengan selular pada daerah diluar layanan tempat mobile operator milik pengguna, contoh roaming internasional adalah pengguna selular di Indonesia menggunakan selular-nya diluar negeri dengan bantuan operator luar negeri yang telah mengadakan perjanjian dengan operator selular pengguna, biasanya Roaming dikenakan biaya extra.

47. RUIM = (Removable User Identity Module) Kartu identitas selular seperti SIM. Kartu RUIM dan istilahnya hanya digunakan pada handset selular CDMA.

48. SIM = (Subscriber Identity Module) Kartu identitas kecil yang dimasukkan pada handset selular, setiap pengguna selular memiliki SIM yang berlainan (unik) datanya. Data yang terekam pada SIM antara lain yaitu nomor telpon selular pengguna, nomor kode jaringan operator yang digunakan, nomor PIN, data kontak (buku telpon) pengguna dan lain lain. Kartu SIM hanya digunakan pada handset selular GSM.

49. Smartphone = Suatu kata yang digunakan untuk menjelaskan (berarti) produk selular yang memiliki OS.

50. SMS = (Short Message Service) Suatu format text yang dikirim dan diterima melalui selular, text dalam SMS mempunyai panjang maximum 160 huruf.

51. STK = (SIM Tool Kit) Spesifikasi pada kartu SIM selular GSM, hal ini bertujuan agar mobile operator GSM dapat menambahkan data atau fungsi kedalam kartu SIM, contohnya seperti menu operator, mobile banking, email dan lain lain.

52. TFT = (Thin Film Transistor) Suatu tipe layar LCD yang memiliki kualitas warna yang lebih baik dan lebih mahal dari CSTN.

53. UFB = (Ultra Fine and Bright) Suatu teknologi layar LCD yang dibuat oleh Samsung. UFB adalah peningkatan kualitas CSTN tapi masih memiliki kualitas warna yang kurang dibanding TFT.

54. UMTS = (Universal Mobile Telecommunications System) Suatu sistim komunikasi wireless generasi ketiga (3G). UMTS pada dasarnya ditujukan untuk menggantikan GSM yang masih berada dalam kategori generasi selular kedua. Pada mulanya UMTS akan berkerja pada frekuensi sekitar 2100 Mhz.

55. VGA = (Video Graphics Array) Suatu resolusi image atau video yang berukuran 640 x 480 pixel.

56. WAP = (Wireless Application Protokol) Sebuah standard yang digunakan pada selular agar pengguna dapat mengakses halaman Internet yang berformat WML (format data yang telah disederhanakan/dikecilkan agar dapat diterima oleh selular).

57. WCDMA = (Wideband Code Division Multiple Access) Suatu protokol transfer data pada sistim jaringan UMTS

58. WiMAX = (Worldwide Interoperability for Microwave Access) Suatu spesifikasi untuk komunikasi data wireless. Spesifikasi WiMAX terdapat dalam IEEE 802.16. WiMAX adalah suatu penyempurnaan WiFi, WiMAX dapat berkomunikasi pada jauh hingga 5 Miles (kurang lebih 8 Kilometer) pada kecepatan transfer data 10 Mbps.

59. WiFi = (Wireless Fidelity) Suatu spesifikasi transfer data WLAN. WiFi terdapat dalam IEEE 802.11 yang memiliki jarak komunikasi wireless yang pendek, spesifikasi 802.11g dapat mencapai kejauhan hingga 100 meter dengan kecepatan 54 Mbps.

60. Wireless = Suatu teknik komunikasi atau pertukaran data jarak dekat/jauh tanpa menggunakan kabel.

61. WLAN = (Wireless Local Area Network) Suatu spesifikasi transfer data wireless untuk LAN.

hoaaaaahhh bersambung ....semoga membantu,

Rabu, 15 April 2009

KARUHUN URANG GARUT JEUNG MAKAMNA


Prabu Naga Percona (Gunung Wangun Malangbong Garut)
Raden Karta Singa (Bunarungkuo Gn Singkup Garut)
Embah Braja Sakti (Cimuncang, Lewo Garut)
Embah Braja Mukti (Cimuncang, Lewo Garut)
Eyang mangkudjampana (Gunung Tjakrabuana, Malangbong Garut)
Eyang Dahian bin Saerah (Gunung ringgeung, garut)
Raden Rangga Aliamuta (Kamayangan, Lewo-Garut)
Embah Sulton Malikul Akbar (Gunung Ringgeung Garut)
Syekh Sukri (Pamukiran, Lewo Garut)
Aki Mandjana (Samodja, Kamayangan)
Eyang Raksa Baya (Samodja, Kamayangan)
Embah Dugal (Tjimunctjang)
Embah Djaya Sumanding (Sanding)
Embah Mansur Wiranatakusumah (Sanding)
Eyang Yaman (Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
Embah Gurangkentjana(Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
Embah Gadjah Putih (Tjikawedukan Gunung wangun)
Embah Hadji Sagara Mukti (Susunan Gunung Ringgeung)
Eyang Istri (Susunan Gunung Ringgeung)
# Eyang Djayalaksana (Samodja)
# Nyi Mas Rundaykasih (Samodja)
# Nyi Mas Rambutkasih (Samodja)
Eyang Pangtjalikan (Gunung Ringgeung Garut)
Raden Ula-ula Djaya (Gunung Ringgeung Garut)
Embah Raden Djaenuloh (Saradan, Lewo Garut)
Embah Sakti Barang (Sukabatu)


Embah Wali Tangka Kusumah (Sempil, Limbangan garut)
Prabu Sada Keling (Cibatu Garut)
Embah Liud (Bunarungkup, Cibatu Garut)
Prabu Kian Santang (Godog Suci, garut)

Eyang Siti Fatimah (Cibiuk, Leuwigoong Garut)
Embah Dalem Salinggih (Cicadas, Limbangan Garut)

Embah Giwangkarawang (Limbangan Garut)
Eyang Sunan Cipancar (Limbangan garut)
Eyang Andjana Suryaningrat (Gunung Puntang Garut)
Gagak Lumayung (Limbangan Garut)
Eyang Mandrakusumah (Gunung Gelap Pameungpeuk, Garut)

Embah Dalem Kasep (Limbangan Garut)
Eyang Imam Sulaeman (Gunung Gede, Tarogong)
Embah Djaksa (Tadjursela, Wanaraja)
Embah Wali Kiai Hadji Djafar Sidik (Tjibiuk, Garut)

Embah Dalem Kaum (Mesjid Limbangan Garut)
Mamah Kiai hadji Yusuf Todjiri (Wanaradja)
Embah Panggung (Kamodjang)
Embah Pangdjarahan (Kamodjang)

Embah Ranggawangsa (Sukamerang, bandrek)

Eyang Dewi Pangreyep (Gunung Pusaka Padang Garut)

Ibu Mayang Sari (Nangerang Bandrek Garut)
Eyang Prabu Widjayakusumah (Susunan Payung Bandrek Garut)
Embah Bang Sawita (Gunung Pabeasan Limbangan Garut)
Embah Wali Hasan (Tjikarang Bandrek, Lewo Garut)