Ditulis ku Ganjar Kurnia
I.
sabada
sekon demi sekon anu jadi kanteh menit
ditinun jadi jam;
jam ngajadi poe
poe jadi bulan
bulan ngabaju taun
awak nyangsaya (deui):
dina lalakon sorangan
II.
roh nu ditiupkeun
kana raga nu pinasti mapagkeun pati
ukur
kalangkang wayang kulit
dina layar belewuk :
kacaangan
lampu balincong kurang minyak -
katebak angin
III.
bumi muter -- jagat eundeur
kembang nu seungit kahibaran usum semi:
garing
kabeuleum heab panon poe usum panas
terus – murudul
geunteul
ngahodhod
katirisan
IV.
Poe terus ngagilinding
nyipuh buuk pulas kulawu
meotan kulit
maragas tulang
V.
Lalakon hirup
beku dina gelas waktu,
jadi layar
tempat lalajo mangyuta kalakuan
(anu ngerakeun!!!!)
VI.
Baranang paris
maragatkeun kasadaran:
poe teh,
laut tanpa tungtung
tempat pamayang balayar tanpa tujuan
poho ka pangbalikan
V.
Gusti,
Dina undakan waktu mapag ganti taun
Najan bulan nguliwed ngalelewe, kana
keclak cimata
jeung jangji anu remen dikedalkeun:
Kuring
ngitung mundur
mapag cahaya harepan :
sugan
enjing mah langkung bener
ti kamari
Pasihan kakiatan
Adzan Maghrib 31 Desember 2006
Di La Fontaine, 57 Paris
http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Tidak ada komentar:
Posting Komentar