ngan ukur sababaraha kali tepung jeung manehna
tapi ieu rasa terus nyantel dina ati
nyulusup kana sanubari, nambru dina qalbu
imut anjeun, someahna anjeun, sorot soca anjeun,
malah kiceup anjeun oge masih kaitung,
ngalangkang dina cengcelang mata
tiap usik, tiap malik, tiap kiceup, tiap renghapan
anjeun ngingetkeun ka cinta nu munggaran
nu geus lila jadi taneuh jadi lebu
nu geus lila dikubur di pajaratan katineung urang duaan handapeun
tangkal saliara
ayeuna rasa ieu rek datang deui
ngaririwaan tiap detik, tiap menit
tapi kuring tetep jadi tutunggul,
tetep jadi batu teu wani ingkah ti tempatna
rumasa ieu raga geus dibikeun kanu lian
http://kamayangan.blogspot.com
Dikutip ti urangsunda.net

Tidak ada komentar:
Posting Komentar